-->
thumbnail

Neng Welas Muriang

Posted by NURDANI on Friday, January 9, 2015



Saémbara Video Maca Fikmin FBS
Neng Welas Muriang (Godi Suwarna)
Didon Nurdani
10:45:00 PM
thumbnail

Pepelakan

Posted by NURDANI on Saturday, January 26, 2013

... nam, ambu, cuang ngiuhan.
Bari taheurkeun kopi bekong kadua jang kami.

Ké mun wanci geus nincak kalangkang satangtung
hayu
cuang pelakeun binih cabé jeung bonténg

Cuang tengetan mana nu renung tiheula,
alaeun si cikal jeung si bungsu, jaga...


Januari, 27/13
9:42:00 PM
thumbnail

Buburuh Macul

Posted by Unknown on Friday, January 25, 2013

Sanggeus ngéntépkeun pikir jeung rasa
na laci nu dicekel koncina
panundaan melang jeung ringrang
nu di lanten jadi tali katineung

Sabada ngopi pait sabekong
Udud salinting
mancegkeun niat, gilig
rék buburuh deui macul
meungpeung aya nu nitah
bari puguh

Mun cunduk nepi ka waktu
urang silih simbeuhan deui
na sela huhurung layung
Keun,
wayahna, jalu
melang tinggal kamelang
da tineung mah ngantengna gembleng

Januari, 26/13


6:04:00 PM
thumbnail

Boga

Posted by NURDANI on Monday, January 21, 2013

Ngasuh si cikal jeung si bungsu

Nuuskeun rauteun
ngeueumkeun pameulahan
nyimbeuhan kandang manuk jeung lauk
panyawangan mun keur seunggah

Bray...
dunya nu dipibanda
banda nu ngadunya

Horéng...
uing boga
najan basajan bari titipan
teu wudu adean ku kuda beureum
tapi nyaah saparat manah

Nuhun Gusti.....

Januari, 21/13

7:03:00 AM
thumbnail

Baca Sajak (Ulang Tahun Teater Pijar 2012)

Posted by NURDANI on Saturday, January 12, 2013

Pembacaan Sajak "Serat Kawalian 1" Karya Godi Suwarna dalam Ulang Tahun Teater Pijar UNIGAL
SERAT KAWALIAN 1
( Nyiar Lumar )

Sada gending ngaweuhan tengahing tabet
mirig tapak léngkah agréng hibar tina batutulis
aksarana nu marakbak ngenclangkeun bulan tumanggal
ngaranggeuy-ranggeuy cahaya kana sirah nu baluweng
kana peteng pangimplengan nu teu weléh balitungan
jeung kalangkang. Padahal geus lawas angin ngecewis
nyaritakeun ringkang batu nu gumenclang di sungapan
saméméh jadi walungan nu marakbak di muara
ari ceuli kalah ngangkleung palebah umpalan huntu
nu ngabudah di mamana. Rerencepan, napas leuweung
naratas jalan sorangeun, ngantelkeun ketug jajantung
kana akar jeung areuyna

Tina riak-riak lukut ngalangkang imut kareueut,
teuteup geugeut, genclang héman, roncé asih,
jeung hariring, nu antaré nyungging jempling jadi dayeuh
pamaneuhan mataholang. Ngagelenggeng galindeng
balébat béngras ka sampalan pameuleuman panonpoé
Ari wanci kalah beuki ngaguludug. Panékana neumbrag
kalang panineungan. Ngabéntar genggerong leuweung
batutulis nyilalatu jadi mangpirang cicika nu rabeng
mawa aksara, kana pucuk-pucuk peteng, kana séah
ulekan Buana Larang. Pasulabreng
puseuring Handeuleum Sieum

Susur-sasar tina lumar kana lumar
nyiar talawéngkar bulan.Tepung jeung papada urang
nu kasarung di mamana. Buringas tur paburisat
sanggeus akar tingjalemprung tina saban indungsuku,
juru kalbu jeung palipis. Lalampahan sakadar ngumbar
kalangkang palebah pirunan jaman, atawa natratkeun sirah
kana gurat-gurit létah. Tapak réma beuki jauh
nyulusup nyumputkeun ringkang. Mawa teuteup
jeung imutna, mawa héman, roncé asih jeung hariring
nyumputkeun genclang dangiang ti nagara
nu keur mongkléng. Ngadegkeun nagara agréng
satengahing gebur leuweung

(Astanagedé, 98)
Godi Suwarna
10:20:00 AM
thumbnail

Tasik, Uti-uti (SUR SER)

Posted by NURDANI on

SUR SER, Sinetron Komedi Situasi Bahasa Sunda, Produksi SINCPRO, 2008-2009, Karya NURDANI D-JAY & DE' HALIM, Pemain ERWIN TJ, AZENK GUNTARI, OYIK BORELAK, FISTA A. SUDJAYA, FICK GANDAMANA, VEY BODRO, PAN THOPLEZ, Produser DADANG M. ROCHLIK, Produser Eksekutif YONI KUSWARDIONO & NOER JM, Produser Pelaksana TIKTIK, Ide Kreatif DANG Q', Skenario DE' HALIM, Musik Ilustrasi BANG ISK, Kamera MAMAY & YUDI ALAMSYAH, Penata Suara DIDON, Boomers ERID, Penyunting Gambar RAXHA DJATI


10:14:00 AM
thumbnail

Ngora Deui (SUR SER)

Posted by NURDANI on

SUR SER, Sinetron Komedi Situasi Bahasa Sunda, Produksi SINCPRO, 2008-2009, Karya NURDANI D-JAY & DE' HALIM, Pemain ERWIN TJ, AZENK GUNTARI, OYIK BORELAK, FISTA A. SUDJAYA, FICK GANDAMANA, VEY BODRO, PAN THOPLEZ, Produser DADANG M. ROCHLIK, Produser Eksekutif YONI KUSWARDIONO & NOER JM, Produser Pelaksana TIKTIK, Ide Kreatif DANG Q', Skenario DE' HALIM, Musik Ilustrasi BANG ISK, Kamera MAMAY & YUDI ALAMSYAH, Penata Suara DIDON, Boomers ERID, Penyunting Gambar RAXHA DJATI



10:02:00 AM
thumbnail

SUR SER (Opening Tittle)

Posted by NURDANI on

SUR SER, Sinetron Komedi Situasi Bahasa Sunda, Produksi SINCPRO, 2008-2009, Karya NURDANI D-JAY & DE' HALIM, Pemain ERWIN TJ, AZENK GUNTARI, OYIK BORELAK, FISTA A. SUDJAYA, FICK GANDAMANA, VEY BODRO, PAN THOPLEZ, Produser DADANG M. ROCHLIK, Produser Eksekutif YONI KUSWARDIONO & NOER JM, Produser Pelaksana TIKTIK, Ide Kreatif DANG Q', Skenario DE' HALIM, Musik Ilustrasi BANG ISK, Kamera MAMAY & YUDI ALAMSYAH, Penata Suara DIDON, Boomers ERID, Penyunting Gambar RAXHA DJATI

9:57:00 AM
thumbnail

TEHNIK DASAR MACA SAJAK

Posted by NURDANI on Tuesday, December 4, 2012

Ku : Godi Suwarna (dicutat tina Fiksimini Basa Sunda )

Kiwari, maca sajak téh geus ilahar pisan dilaksanakeun ku urang Sunda. Sajak-sajak ciptaan para panyajak digalantangkeun ku nu macana di hareupeun balaréa. Nu maca sajak téh minangka wawakil panyajak pikeun nembrakkeun sagala rupa rasa jeung pikiran nu nyangkaruk dina sajak nu dibaca. Maca sajak kieu téh geus jadi hiji wanda kasenian nu mandiri. Kawas dina seni-seni séjénna, maca sajak ogé tangtu baé aya carana atawa téhnikna nu kudu dipibanda ku pamaca sajak.

Nu dibahas di dieu: tehnik dasar. Ari tehnik dasar tea bisa diulik ku sing saha bae nu hayang bisa. Mun geus nyangkem dadasarna, ka dituna bisa dimekarkeun ku sorangan,  jadi gaya nu mandiri, unik taya duana, teu nyampak di nu sejen. Upamana, tehnik maca sajak Rendra beda jeung Taufik Ismail, Sutarji CB, jrrd. 

Nyurahan Sajak 

Pamaca sajak kudu bisa nyurahan (napsirkeun) eusi sajak saméméh midang. Pamaca sajak kudu bisa ngahartikeun eusi sajak, atawa paling saeutik kudu bisa ngararasakeun suasana, émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak. Napsirkeun sajak bisa ku cara parafrase nyaéta ngarobah hiji puisi jadi prosa ku cara nambahkeun kecap-kecap sorangan kana sajak nu nyababkeun sajak jadi gampang dipikaharti. Atawa, ngadadarkeun deui eusi sajak ku kecap jeung kalimah sorangan.

Pamaca sajak kudu eungeuh kana kecap-kecap konci dina hiji sajak. Upamana dina hiji sajak aya kecap ceudeum, kulawu, berewit, késang, cimata, bisa ditangtukeun yén éta sajak téh moal jauh ti nyaritakeun kasedih. Mun dina hiji sajak aya kecap seuneu, ngagedur, peureup, beureum, bisa ditangtukeun yén eusi sajak téh nyaritakeun sumanget atawa kaambek. 

Lenyepan (Penghayatan) 

Lenyepan ditangtukeun pisan ku hasil tina nyurahan kana hiji sajak. Mun nyurahanana kaliru, tangtu baé lenyepan dina maca sajakna oge bakal kabawa salah. Upamana baé, hiji sajak nu eusina nyaritakeun kasedih, der digalantangkeun bari ambek tipopolotot, atawa sabalikna ti éta.  Alhasil, pamaca sajak kudu bener-bener bisa nyurahan heula hiji sajak saméméh magelaran. 

Lenyepan oge kuat patalina jeung émosi. Hiji sajak kudu dibaca luyu jeung rasa atawa émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak. Takeran rasa kudu pas jeung eusi sajak. Mindeng urang nyaksian pamaca sajak ngadon nyegruk, atawa ceurik balilihan, atawa sabalikna, ambek tipopolotot nyentakan nu lalajo. Hal saperti kieu bisa ngabalukarkeun kecap jeung kalimah jadi teu jéntré da émosina kaleuleuwihi téa. Padahal, apan pamaca sajak mah kudu atra ngucapkeun kecap jeung kalimah. 

Artikulasi 

Artikulasi dina maja sajak taya lian iwal ti kajéntréan lebah ngalapalkeun aksara demi aksara. Dina maca sajak aya nu disebut cacad artikulasi, nyaéta tadi, teu jelas dina ngalapalkeun aksara lantaran létah si pamaca henteu nepi kana wewengkon artikulasi. Upamana, dina ngalapalkeun aksara  T apan létah téh kudu neken antara huntu jeung gugusi. Ngalapal M  biwir kudu rapet, jeung sajabana. Mun artikulasina teu jéntré, nu ngabandungan bakal jéngkél jeung sajakna ogé bakal teu puguh kapirengna. Aya sawatara cara pikeun latihan artilulasi, diantarana ngalapalkeun kalawan gancang kalimah-kalimah nu hésé, upamana ; laeur mapay areuy, ban oplét opat, babu ibu abi, jrrd. 

Intonasi 

Intonasi téh lagu kalimah atawa lentong. Intonasi dina maca sajak ditangtukeun pisan ku sajakna da apan sajak téh kalimah nu ngalagu téa. Intonasi karék bisa genah karasana lamun pamaca sajak bisa nyurahan  tur ngalenyepan eusi sajak. Réa pamaca sajak nu ngaheulakeun lentong batan nyurahan jeung ngalenyepan sajak, nu ngabalukarkeun lentongna karasa dijieun-jieun teuing. Lentong mah bakal nuturkeun mun pamaca sajak bener-bener geus ngajiwaan eusi sajakna. 

Wirahma 

Wirahma  téh nyaéta kombinasi turun-naékna, panjang-pondokna, tarik halonna maca sajak.  Nya  wirahma pisan nu ngalantarankeun rasa jeung pikiran dina sajak terus ngocor teu pegat-pegat, ngawangun imaji nu hirup tur jéntré. Wirahma ngawujud tina tekanan-tekanan kana kecap. Aya nu disebut tekanan dinamik; tekanan tarik jeung halonna ucapan. Tekanan Nada: luhur jeung handapna sora. Tekanan Tempo; gancang jeung lambatna dina ngucapkeun kalimah. Catetan: pamaca sajak kudu ati-ati dina ngagunakeun témpo. Témpo kudu pas, ulah gancang teuing, komo lamun lambat teuing mah, matak bosen nu ngabandungan.

Randegan

Randegan atawa jéda téh nyaéta eureun sakedapan. Tangtuna gé pamaca sajak dina macana teu nurugtug kitu baé. Lian ti ngarandeg dina tanda-tanda baca, atawa antara pada (bait) jeung pada, pamaca sajak ogé kudu ngarandeg lebah kalimah-kalimah penting dina sajak, sangkan nu ngadéngékeun (nu lalajo) bisa ngalenyepan éta kalimah penting téa. Randegan kieu téh digunakeun saperluna baé. Upama pamaca sajak mindeng teuing rundag-randeg, bisa ngabalukarkeun témpo maca jadi lambat, matak kesel ka nu lalajo. 

Klimaks 

Teu kabéh sajak bakal genah dibaca di pakalangan. Sajak nu bakal genah dibacana nyaéta sajak-sajak nu atra tur karasa klimaks atawa puncakna. Sajak bakal karasa tutug, anggeus, jeung nyerep ka nu ngabandungan. Kitu ogé mun pamaca sajak bisa ngabina puncak. Nu disebut membina puncak téh nyaéta nahan émosi, nahan sora, nahan témpo, saméméh nepi ka puncakna dina éta sajak. Upama hiji sajak diwangun ku opat pada, tur klimaksna aya di pada katilu, pamaca sajak kudu bisa nahan émosi, témpo, sora dina pada kahiji. Dina pada kadua, émosi, sora, témpo, mimiti ditingkatkeun. Dina pada katilu (puncakna téa), émosi, sora jeung témpo dimaksimalkeun pisan. Dina pada kaopat minangka antiklimaks-na, émosi, sora jeung témpo diturunkeun deui. 

Pasemon jeung Réngkak 

Pasemon (mimik) tangtuna ge diluyukeun jeung rasa nu nyangjaruk dina sajak nu dibaca. Pasemon, ruak-riukna pamulu, gular-gilerna panon, ditangtukeun pisan ku inténsitas penghayatan pamaca sajak kana sajak nu dibaca. Pasemon bakal karasa wajarna upama pamaca sajak enya-enya ngalenyepan eusi sajakna. Sedengkeun réngkak; usikna leungeun, meureup, ngacung, gilek sirah, gejlig atawa léngkah, fungsina taya lian iwal ti pikeun leuwih ngajéntrékeun naon nu nyangkaruk dina eusi sajak nu dibaca.Réngkak kudu puguh motivasina, kudu puguh maksudna. Réngkak nu dapon usik, komo bari réa teuing pakepukna, bisa jadi matak teu puguh kana naon nu rék dijéntrékeun. 
***



9:12:00 AM
thumbnail

Nyiar Luang Tina Wayang

Posted by Unknown on Thursday, November 1, 2012



Kenging : Godi Suwarna dina Fiksimini Basa Sunda


Tangtos pada uninga, réh seni wayang, boh sastrana boh wanda pagelaranana, seueur naker mangaruhan kasenian-kasenian jaman kiwari. Wayang aya dina senirupa, seni tari, musik, téater, sastra. Para seniman ti rupa-rupa widang seni bangun nu teu kendat-kendat kailhaman ku wayang, ti bihari tug ka kiwari. Hartosna, wayang ngandung ajén-inajén seni nu adiluhung, nu teu luntur ku panéka mangsa. Tapi, sakumaha dina hirupkumbuh kasenian-kasenian sanésna, seni wayang tangtos nyorang lébér jeung orotna.

Seni wayang kungsi dalit dina kahirupan sapopoé. Ulah pon para pinisepuh nu resep mesék palasipah wayang, bari ngalarapkeun dina kahirupan sadidintenna, dalah barudak satepak ogé kungsi méh prah mikaresep wayang. Untung nanakeran sim uing mah ngalaman pisan. Harita, dina taun genep puluhan di lembur, sim uing saparakanca teu weléh gung clo. Pintonan di kampung, di désa mana baé ogé teu weléh dijugjug. Lalajo nyaan, daria ngabarandungan. Sanés mung sakadar ngariung di tukang suuk bari megat muntah mojang. Jalaran bari daria, tangtos kana nyerep naker. Paling copél barisa nurutan pok-pokan Dorna, Dursasana, Arjuna, Gatotkaca jeung Si Cépot.  

Harita, tina bakating ku resep téa, ampir saban babaturan garaduh wayang tina daluang. Aya papada budak nu sok nyieun jeung ngajualanana, wayang-wayang daluang nu nyeta-nyeta wayang kulit. Nya lumayan wé keur budak nu barisa nyieun mah, bisa gaduh uang saku ladang kabisa sorangan, paling copél wareg ku kadaharan ladang barter jeung kabisa. Lian ti ngoléksi wayang daluang, barudak téh sok pirajeunan ogé nyarieun wayang tina palapah daun sampeu, tina taneuh porang, tina pendul peuteuy, tina kembang wéra jrrd. Tina bakat kuresep téa, lajeng diéksprésikeun ku bahan nu aya di alam sabudeureun kahirupan barudak. Hasilna téh nya karancagéan barudak jaman harita, nu boa upama disalésér mah ngandung ajén inajén seni nu kawilang luhung. Mun teu tingdarekul nyieun wawayangan, sim uing saparakanca sok pirajeunan maén sandiwara carita wayang. Papakéan saaya-aya. Siger jeung badong bisa tina kalakay daun kulur, atawa tina daun kadaka, susumping tina daun nangka.  

Basa sim uing keur budak, kaleresan pun Bapa téh kagunganeun buku pedaran wayang golék yasana bujangga Sunda, Kangjeng MA. Salmun, suargi. Buku nu saé kacida. Perkawis rupining teknis wayang golék, dipedar ku gaya basa Sunda nu matak pogot macana. Gaya populér mun ceuk jaman kiwari téa mah. Tong boro ku Pun Bapa nu lebet kolom bujangga lembur, dalah ku sim uing nu bolon kénéh, éta buku téh éstu digulanggaper, dibaca dibulak-balik. Ma’lum bolon, harita sim uing ngaraos nu panghatamna bag-bagan wayang dibanding jeung babaturan.

Sanggeus bisa kurung-karang, sim uing mindeng nyieun carpon atawa sajak nu nyaritakeun wayang. Buku kumpulan sajak sim uing nu munggaran dijudulan Jagat Alit, dipedalkeun ku pamedal Rahmat Cijulang taun 1979. Jagat Alit téh minangka sajak bubuka dina éta buku kumpulan sajak. Hiji sajak nu mapandékeun kahirupan kana pagelaran wayang. Sajak-sajak lianna medar kahirupan ti kawit lahir, lalampahan, asih sinareng pati, bagja miwah guligah manusa, nungtung dina kasadaran kana takdir nu teu bisa dipungkir téa. Gambar jilidna gé mangrupa gugunungan wayang, yasana pelukis kawentar, Pa Popo Iskandar. Aya bagja nanakeran gambar jilid kenging anjeunna téh. Sesah miwarang anjeunna ngagambar jilid téh. Bané wé sim uing mah harita téh kalebet mantu kameumeutna, ceuk sim uing nu teu weléh-weléh gé-ér.

Dina taun juh puluhan ahir, sim uing kungsi ngarang carpon nu judulna Uwak-Awik, dimuat dina majalah Manglé, jaman sim uing keur sumedeng belekesenteng. Nyaritakeun perkawis wayang-wayang golék nu geus bosen, nu geus capé balas diwayang-wayangkeun baé ku Dalang. Wayang-wayang nu baruntak ka Dalangna. Teu wudu éta carpon téh kenging réaksi ti balaréa. Dina Manglé, Kang Enas Mabarti nyawang Uwak-Awik tina jihad inajén sastra, nembrakeun onjoy jeung héngkérna éta carpon. Aya deui nu nyerat dina Mangle kénéh, majar sim uing murtad. Kritikan nu direumbeuy ku dalil-dalil. Nanging, sim uing yakin yén nu ngamurtadkeun téh teu ngaos dugi ka tamat, atanapi teu ngartos kana jero-jeroning Uwak-Awik. Padahal, dina tungtung éta carpon, sim uing nyaritakeun wayang golék nu ancur lebur, dicacag ku Dalangna.

Beuki resep wé ngarang perkara wayang téh. Sabada buku kumpulan sajak Jagat Alit, sim uing ngadeker nyieunan sajak nu tokoh-tokohna wayang. Aya kana lima puluh sajakna, dikumpulkeun, dijudulan Urat-Urat Kawat, naskahna dikirimkeun ka salah sahiji pamedal. Hanjakal teu kungsi terbit. Naskahna gé kalah leungit tanpa lebih ilang tanpa karana di éta pamedal. Tapi perkawis wayang mah angger sok disabit-sabit dina buku kumpulan sajak sim uing ka dieunakeun, di antarana dina buku kumpulan sajak Surat-Surat Kaliwat jeung Blues Kéré lauk..

Dina nyarponkeun carita wayang, rumaos sim uing téh tara tukuh kana babon. Kalan-kalan ngahaja dibulak-balik. Upamina baé, Déwi Sinta nu micinta Rahwana jalaran Rama karaos kirang buméla. Rahwana nu babalik pikir alatan cinta sajati ka Déwi Sinta. Ari Rama kalah cangcaya, kagungan maksad ngaduruk pupujan kalbu. Atanapi, dina carpon Murang-Maring, sim uing ngalalakonkeun Pandawa nu démonstrasi ka rahayatna, pédah rahayat sarenang ari aranjeunna, salaku pamaréntah, ripuh balas didaramel janten abdi nagara. Rupi-rupi réaksi nu kantos maos. Aya nu nyebat réh sim uing ngaruksak carita wayang. Aya ogé nu nyebatkeun éta téh dékonstruksi, postmo, salah sawios aliran pilsapat miwah seni nu mahabu di urang di awal taun salapan puluhan. Tur padahal sim uing mah ngarangna téh ti taun juh puluhan ahir kénéh.

Lantaran sim uing kagégéloan ku wayang, nya teu anéh mun galindeng Dalang teu weléh kapireng tug dugi ka cetuk huis kieu. Nya kitu, sok pirajeunan gumerendeng nurutan Dalang. Béh dieu, kabeneran sim uing sok dihiras maca sajak Sunda di luar Pasundan, di kalangan para pamiarsa nu teu mantra-mantra kana basa Sunda. Upamina di payuneun urang Jawa, Bali, atanapi urang mancanagara. Kapaksa sim uing mikir, kumaha carana sangkan sajak Sunda kalandep ku arinyana, sok sanajan teu ngartos kana basana. Nya ngajaran maca sajak bari maké lentong Dalang, dadalangan Sanajan teu ngartos kana basa Sunda, ari dibaca bari ngagalindeng, gegereman, nurutan Dalang mah teu burung wé pada ngabandungan. Careuleumeut. Duka resep kana sajakna, duka hariwang pédah penampilan sim uing sed saeutik ti tukang teluh. Duka tah.

Cindekna, sim uing mah rumaos pisan kahutangan budi ku wayang. Mun seug keur budak teu kungsi wanoh kana wayang, tangtos bakal séjén nu karandapan. Duka bakal kumaha teuing jantenna sajak-sajak, carpon-carpon, fikmin-fikmin sim uing.. ***

Kenging : Godi Suwarna dina Fiksimini Basa Sunda 
9:00:00 AM
thumbnail

IMAH

Posted by NURDANI on Friday, October 26, 2012

Kateuteuari. Baku dia mah. Sanggeus ngaliwatan mangsa nu teu sakeudeung, sakuduna urang pada apal ka awak séwang-séwang. Geus cindek, kami moal incah balilahan. 

Imah urang, warisan. Satemenna ieu bukti kahéman nu teu hadé dimomoré. Lain saukur jugrug bari butut. Mangka inget, kami diorokkeun didieu, mangkat rumaja tidieu. Tug nepi ka ngajodo jeung dia, laju tetep renggenek didieu. Dia apal kacida, kumaha Bapa nangtayungan kami ku deudeuhna. Tepi ka wani jeung bedogna mun kami keuna ku deleka.

Ayeuna, prak, kuma dia jang saawak dia.  Kami mah deuk ajeg, najan nepi ka rugrug ku rinyuh. Pageuh na wasiat bapa, sangkan wanoh tepi ka juru-juru na.

Kari-kari, Kaka. Dia boga niat deuk pindah najan norog. Cék dia, sangkan guyub jeung batur. Sangkan reueus mun kasémahan.  Ah, kateuingan, Kaka. Kami leuwih reueus ku banda nu geus jinek hak kami.
Najan hate leutik mah tangtu kasurti, mun kami biluk ka dia, tangtu sarua reueusna.

03 Oktober 2012
2:16:00 AM
thumbnail

EUREUP-EUREUP

Posted by NURDANI on

Hampura mun saméméhna kami teu méré nyaho.
Sabab saéstuna kami ngarasa leuwih ngabogaan hak batan dia. Najan cenah dia mah ngageugeuh leuwih tiheula, tapi da angger, kami mah nyéwa, najan nganjuk-nganjuk ogé. Tagihan listrik jeung cai angger kami nu kudu mayar.

Dia mah ngan kari clé... 
Ceunah mun ngarasa kahalang-halang, dia kari pindah. Ngésér ka tempat séjén nu kira-kira na moal kajamah ku kami. Piraku kami nu kudu ngésér mah, puguh watesna puguh hateupna.

Kami masih ngaragangan, ngingetkeun ninggang ka awak kami. 
Mun seug ninggang ka anak pamajikan, kami moal deuk galideur merangan dia. Teu kudu degeng lah ! Tunggal-tunggal mahluk Gusti. Pada-pada boga hak jeung kawajiban.

28 September 2012
2:14:00 AM
thumbnail

ANJING

Posted by NURDANI on



Srog, nepi ka panto. Kareungeu sora nu ngomong, katara semu nu ambek.

“Teu hayang nulungan na gé, ka jalma modél kitu. Siga nulungan anjing kadempét wé, ditulungan saenya-enya, ari pék kalah ngégél!”

Teg, kana haté asa neumbrag.
“Ari kami kaasup anjing kitu ?”  Dina haté.
“Enya, rumasa remen pisan ngarasa kadempét. Tapi da asa can rumasa geus ditulungan ku inyanana…”

30 November 2011
2:11:00 AM
thumbnail

BEUNGEUT

Posted by NURDANI on

Geus lawas ngadon ngandelan sorangan. Leuheung mun usum tiris, dalah ninggang di usum hareudang, najan bayeungyang, haben ngandelan sorangan. Pirang-pirang kajadian teu ieuh jadi halangan, jadi kahariwang. Angger nagen, bari beuki kandel.

Aya kalana nyumput ngukuy kana simbut, kana bantal, atawa kana naon waé nu sakira na bisa dipaké panyumputan. Mun euweuh-euweuh teuing, nya kapaksa peureum, padu teu katénjo. Duka teuing saha nu rék nénjo. Kitu na téh mun geus teu kaampeu jeung ngarasa rumasa. Tapi da tara lila, laju tiis wé , laju jempling. Aya kalana miceun karep mun kapaksa paamprok. Tapi da tara jauh, ngarah inget lebah mana miceuna. Da engké ogé sok laju dipulung deui.

Hiji waktu amprok. Teu bisa mingé. Tapi da geus kabiasaan, rikat miceun manéh. Kabeneran ragrag hareupeun ucing candramawat nu keur andiprek bari leleyepan. Barang mireng aya nu ragrag hareupeuna, ucing teh ngarénjag, nyah beunta. Témbong aya nu ngagoler hareupeuna, bau na semu-semu hanyir campur jeung naon deui duka teuing. Laju  digégél, belenyeng, barang nepi ka nu suni, dilamot. Ucing nyureng, mireng rasa nu ahéng bari geuleuh na létahna.

Teu tulus dipurak, laju ditinggalkeun baé.
Keur gular-golér, aya beurit tilu ngaliwat. Beurit ngarandeg laju ingas-ingus bari lutuk-létak. Beurit bikang luak-lieuk kajauhna, tuluy balik deui kana liang lebah manéhna kaluar. 
Na lawang liang,  laju ngagorowok “Beungeut  saha ieueueueu… gular-goler deukeut cubluuuuuk….heyyyy…. beungeut sahaaaaa ?”

14 Oktober 2011

2:07:00 AM
thumbnail

SATIA

Posted by NURDANI on

Ceuk saha kami amanah ?
Pan dia gé apal temen, harita kami pisan nu ngadukung dia sangkan maju. Sanggeus dia jeneng,  geuning kami nu pangbéntésna  ngabéjérbéaskeun kahéngkéran dia jeung réngréngan.

Ceuk saha kami sobat nu satia ?
Waktu dia satékah polah roroésan hanjat tina kulah fitnah, kami kalahka anteng dina wangwangan sorangan, sidéngdang na impian.

Kunaon dia ngahiap kénéh ka kami ? Padahal, kami lain sobat nu hadé, nu bisa nyaangan haté.


10 Oktober 2011
1:56:00 AM
thumbnail

JONGJON

Posted by NURDANI on Tuesday, October 23, 2012

Halodo mulan-malén.

“Ah, peuting ieu mah rek saré nepi ka beurang. Da kebon geus ka cébor ku hujan nu ngagebrét ti soré kénéh”. Na jero haté, méméh saré.

Isuk-isuk.
 “Hudang atuh, sare waé! Tuh pepelakan béak kabawa palid.” Sora pamajikan ngagéréwék bari ngebutkeun samping.
11:21:00 AM
thumbnail

MILIH

Posted by NURDANI on

Bray. Panon na beunta. Leng, sirahna asa muter. Reup, dipeureumkeun. Asa beuki muntir. Beunta deui. Tetenjoanna bureng bari angger puyeng. Kadéngé nu tinggerendeng, duka beulah mana, teu bisa mastikeun.

“Tos sabaraha lami ?” cek nu nanya. “Tilu dinten.” Cek nu ngajawab. Poek deui.
Tilu poé saméméhna.  Motorna digas rek nyiap angkot nu nengah wae. Rusuh, geus didagoan ku kabogohna. Jaba apal adat. Mun telat ngajemput, pasti sakebon binatang kaabsen kabeh. Seak. Motor sajajar jeung angkot. Jedak. Leng. Reup.
Sapuluh menit saméméhna. “Waktos jumaahan kantun satengah jam deui, mangga kanu masih didamel dina padamelana masing-masing geura éncagkeun heula. Hayu urang sami-sami ngalaksanakeun berjamaah solat jum’at, waktosna kantun satengah jam deui.” Sora ti masjid lebakeun imahna. Teu lila hapé na disada. Sms. Dibaca, “jmpt skrng dtmpt biasa”. Manéhna mikir. “Mun ngajemput, pasti kabeurangan jumaahan”. Gap kana jaket jeung helm. Belenyeng. Motorna di gas.
11:19:00 AM
thumbnail

NAGIH

Posted by NURDANI on

Sapoé deui. Ngitung waktu. Negerkeun batinna nu ngagolak hayang bedah. Rupa-rupa karéwélan teu dipaliré. Budak nu gogorolongan ngamuk diburuan diantep. Pamajikanna nu baketut jamedud teu ditakon. 
Isukna. Ngagidig. Anjog. Satengah jam nungguan, rarasaan sapoé jeput.  “Satengah jam deui lah, pohoeun sugan” na jero haténa. Jangkep sajam. Teu lila aya sms, geuwat ngodok pesak. Bréh, aya sms ti nu didagoan. Dibaca. “Wayahna moal bisa ayeuna, dipake heula mayar mobil”.
Nyel, angenna heneg. Cengkat. Ngagidig balik. Teu maliré nu nanya dijalan. Nepi kaburuan nyampak anak jeung pamajikanna, koléséd anakna turun. Ngagabrug manéhna bangun atoh. Budak ditangkeup deuedeuh pisan, melong dareuda ka pamajikanna. Cimatana bedah. “Emh, teu tulus, jang, ka mall teh….”
11:05:00 AM