-->

BEUNGEUT

Posted by NURDANI on Friday, October 26, 2012

Geus lawas ngadon ngandelan sorangan. Leuheung mun usum tiris, dalah ninggang di usum hareudang, najan bayeungyang, haben ngandelan sorangan. Pirang-pirang kajadian teu ieuh jadi halangan, jadi kahariwang. Angger nagen, bari beuki kandel.

Aya kalana nyumput ngukuy kana simbut, kana bantal, atawa kana naon waé nu sakira na bisa dipaké panyumputan. Mun euweuh-euweuh teuing, nya kapaksa peureum, padu teu katénjo. Duka teuing saha nu rék nénjo. Kitu na téh mun geus teu kaampeu jeung ngarasa rumasa. Tapi da tara lila, laju tiis wé , laju jempling. Aya kalana miceun karep mun kapaksa paamprok. Tapi da tara jauh, ngarah inget lebah mana miceuna. Da engké ogé sok laju dipulung deui.

Hiji waktu amprok. Teu bisa mingé. Tapi da geus kabiasaan, rikat miceun manéh. Kabeneran ragrag hareupeun ucing candramawat nu keur andiprek bari leleyepan. Barang mireng aya nu ragrag hareupeuna, ucing teh ngarénjag, nyah beunta. Témbong aya nu ngagoler hareupeuna, bau na semu-semu hanyir campur jeung naon deui duka teuing. Laju  digégél, belenyeng, barang nepi ka nu suni, dilamot. Ucing nyureng, mireng rasa nu ahéng bari geuleuh na létahna.

Teu tulus dipurak, laju ditinggalkeun baé.
Keur gular-golér, aya beurit tilu ngaliwat. Beurit ngarandeg laju ingas-ingus bari lutuk-létak. Beurit bikang luak-lieuk kajauhna, tuluy balik deui kana liang lebah manéhna kaluar. 
Na lawang liang,  laju ngagorowok “Beungeut  saha ieueueueu… gular-goler deukeut cubluuuuuk….heyyyy…. beungeut sahaaaaa ?”

14 Oktober 2011

Previous
« Prev Post

Related Posts

2:07:00 AM

0 komentar:

Post a Comment