-->

Baca Sajak (Ulang Tahun Teater Pijar 2012)

Posted by NURDANI on Saturday, January 12, 2013

Pembacaan Sajak "Serat Kawalian 1" Karya Godi Suwarna dalam Ulang Tahun Teater Pijar UNIGAL
SERAT KAWALIAN 1
( Nyiar Lumar )

Sada gending ngaweuhan tengahing tabet
mirig tapak léngkah agréng hibar tina batutulis
aksarana nu marakbak ngenclangkeun bulan tumanggal
ngaranggeuy-ranggeuy cahaya kana sirah nu baluweng
kana peteng pangimplengan nu teu weléh balitungan
jeung kalangkang. Padahal geus lawas angin ngecewis
nyaritakeun ringkang batu nu gumenclang di sungapan
saméméh jadi walungan nu marakbak di muara
ari ceuli kalah ngangkleung palebah umpalan huntu
nu ngabudah di mamana. Rerencepan, napas leuweung
naratas jalan sorangeun, ngantelkeun ketug jajantung
kana akar jeung areuyna

Tina riak-riak lukut ngalangkang imut kareueut,
teuteup geugeut, genclang héman, roncé asih,
jeung hariring, nu antaré nyungging jempling jadi dayeuh
pamaneuhan mataholang. Ngagelenggeng galindeng
balébat béngras ka sampalan pameuleuman panonpoé
Ari wanci kalah beuki ngaguludug. Panékana neumbrag
kalang panineungan. Ngabéntar genggerong leuweung
batutulis nyilalatu jadi mangpirang cicika nu rabeng
mawa aksara, kana pucuk-pucuk peteng, kana séah
ulekan Buana Larang. Pasulabreng
puseuring Handeuleum Sieum

Susur-sasar tina lumar kana lumar
nyiar talawéngkar bulan.Tepung jeung papada urang
nu kasarung di mamana. Buringas tur paburisat
sanggeus akar tingjalemprung tina saban indungsuku,
juru kalbu jeung palipis. Lalampahan sakadar ngumbar
kalangkang palebah pirunan jaman, atawa natratkeun sirah
kana gurat-gurit létah. Tapak réma beuki jauh
nyulusup nyumputkeun ringkang. Mawa teuteup
jeung imutna, mawa héman, roncé asih jeung hariring
nyumputkeun genclang dangiang ti nagara
nu keur mongkléng. Ngadegkeun nagara agréng
satengahing gebur leuweung

(Astanagedé, 98)
Godi Suwarna

Previous
« Prev Post

Related Posts

10:20:00 AM

0 komentar:

Post a Comment