Kenging : Godi Suwarna dina Fiksimini Basa Sunda
Tangtos pada uninga, réh seni wayang, boh sastrana boh wanda
pagelaranana, seueur naker mangaruhan kasenian-kasenian jaman kiwari.
Wayang aya dina senirupa, seni tari, musik, téater, sastra. Para seniman
ti rupa-rupa widang seni bangun nu teu kendat-kendat kailhaman ku
wayang, ti bihari tug ka kiwari. Hartosna, wayang ngandung ajén-inajén
seni nu adiluhung, nu teu luntur ku panéka mangsa. Tapi, sakumaha dina
hirupkumbuh kasenian-kasenian sanésna, seni wayang tangtos nyorang lébér
jeung orotna.
Seni wayang kungsi dalit dina kahirupan sapopoé. Ulah pon para
pinisepuh nu resep mesék palasipah wayang, bari ngalarapkeun dina
kahirupan sadidintenna, dalah barudak satepak ogé kungsi méh prah
mikaresep wayang. Untung nanakeran sim uing mah ngalaman pisan. Harita,
dina taun genep puluhan di lembur, sim uing saparakanca teu weléh gung
clo. Pintonan di kampung, di désa mana baé ogé teu weléh dijugjug.
Lalajo nyaan, daria ngabarandungan. Sanés mung sakadar ngariung di
tukang suuk bari megat muntah mojang. Jalaran bari daria, tangtos kana
nyerep naker. Paling copél barisa nurutan pok-pokan Dorna, Dursasana,
Arjuna, Gatotkaca jeung Si Cépot.
Harita, tina bakating ku resep téa, ampir saban babaturan garaduh
wayang tina daluang. Aya papada budak nu sok nyieun jeung ngajualanana,
wayang-wayang daluang nu nyeta-nyeta wayang kulit. Nya lumayan wé keur
budak nu barisa nyieun mah, bisa gaduh uang saku ladang kabisa sorangan,
paling copél wareg ku kadaharan ladang barter jeung kabisa. Lian ti
ngoléksi wayang daluang, barudak téh sok pirajeunan ogé nyarieun wayang
tina palapah daun sampeu, tina taneuh porang, tina pendul peuteuy, tina
kembang wéra jrrd. Tina bakat kuresep téa, lajeng diéksprésikeun ku
bahan nu aya di alam sabudeureun kahirupan barudak. Hasilna téh nya
karancagéan barudak jaman harita, nu boa upama disalésér mah ngandung
ajén inajén seni nu kawilang luhung. Mun teu tingdarekul nyieun
wawayangan, sim uing saparakanca sok pirajeunan maén sandiwara carita
wayang. Papakéan saaya-aya. Siger jeung badong bisa tina kalakay daun
kulur, atawa tina daun kadaka, susumping tina daun nangka.
Basa sim uing keur budak, kaleresan pun Bapa téh kagunganeun buku
pedaran wayang golék yasana bujangga Sunda, Kangjeng MA. Salmun, suargi.
Buku nu saé kacida. Perkawis rupining teknis wayang golék, dipedar ku
gaya basa Sunda nu matak pogot macana. Gaya populér mun ceuk jaman
kiwari téa mah. Tong boro ku Pun Bapa nu lebet kolom bujangga lembur,
dalah ku sim uing nu bolon kénéh, éta buku téh éstu digulanggaper,
dibaca dibulak-balik. Ma’lum bolon, harita sim uing ngaraos nu
panghatamna bag-bagan wayang dibanding jeung babaturan.
Sanggeus bisa kurung-karang, sim uing mindeng nyieun carpon atawa
sajak nu nyaritakeun wayang. Buku kumpulan sajak sim uing nu munggaran
dijudulan Jagat Alit, dipedalkeun ku pamedal Rahmat Cijulang taun 1979. Jagat Alit
téh minangka sajak bubuka dina éta buku kumpulan sajak. Hiji sajak nu
mapandékeun kahirupan kana pagelaran wayang. Sajak-sajak lianna medar
kahirupan ti kawit lahir, lalampahan, asih sinareng pati, bagja miwah
guligah manusa, nungtung dina kasadaran kana takdir nu teu bisa
dipungkir téa. Gambar jilidna gé mangrupa gugunungan wayang, yasana
pelukis kawentar, Pa Popo Iskandar. Aya bagja nanakeran gambar jilid
kenging anjeunna téh. Sesah miwarang anjeunna ngagambar jilid téh. Bané
wé sim uing mah harita téh kalebet mantu kameumeutna, ceuk sim uing nu
teu weléh-weléh gé-ér.
Dina taun juh puluhan ahir, sim uing kungsi ngarang carpon nu judulna Uwak-Awik,
dimuat dina majalah Manglé, jaman sim uing keur sumedeng belekesenteng.
Nyaritakeun perkawis wayang-wayang golék nu geus bosen, nu geus capé
balas diwayang-wayangkeun baé ku Dalang. Wayang-wayang nu baruntak ka
Dalangna. Teu wudu éta carpon téh kenging réaksi ti balaréa. Dina Manglé, Kang Enas Mabarti nyawang Uwak-Awik tina jihad inajén sastra, nembrakeun onjoy jeung héngkérna éta carpon. Aya deui nu nyerat dina Mangle kénéh,
majar sim uing murtad. Kritikan nu direumbeuy ku dalil-dalil. Nanging,
sim uing yakin yén nu ngamurtadkeun téh teu ngaos dugi ka tamat, atanapi
teu ngartos kana jero-jeroning Uwak-Awik. Padahal, dina tungtung éta carpon, sim uing nyaritakeun wayang golék nu ancur lebur, dicacag ku Dalangna.
Beuki resep wé ngarang perkara wayang téh. Sabada buku kumpulan sajak Jagat Alit, sim uing ngadeker nyieunan sajak nu tokoh-tokohna wayang. Aya kana lima puluh sajakna, dikumpulkeun, dijudulan Urat-Urat Kawat,
naskahna dikirimkeun ka salah sahiji pamedal. Hanjakal teu kungsi
terbit. Naskahna gé kalah leungit tanpa lebih ilang tanpa karana di éta
pamedal. Tapi perkawis wayang mah angger sok disabit-sabit dina buku
kumpulan sajak sim uing ka dieunakeun, di antarana dina buku kumpulan
sajak Surat-Surat Kaliwat jeung Blues Kéré lauk..
Dina nyarponkeun carita wayang, rumaos sim uing téh tara tukuh kana
babon. Kalan-kalan ngahaja dibulak-balik. Upamina baé, Déwi Sinta nu
micinta Rahwana jalaran Rama karaos kirang buméla. Rahwana nu babalik
pikir alatan cinta sajati ka Déwi Sinta. Ari Rama kalah cangcaya,
kagungan maksad ngaduruk pupujan kalbu. Atanapi, dina carpon Murang-Maring,
sim uing ngalalakonkeun Pandawa nu démonstrasi ka rahayatna, pédah
rahayat sarenang ari aranjeunna, salaku pamaréntah, ripuh balas
didaramel janten abdi nagara. Rupi-rupi réaksi nu kantos maos. Aya nu
nyebat réh sim uing ngaruksak carita wayang. Aya ogé nu nyebatkeun éta
téh dékonstruksi, postmo, salah sawios aliran pilsapat miwah seni nu
mahabu di urang di awal taun salapan puluhan. Tur padahal sim uing mah
ngarangna téh ti taun juh puluhan ahir kénéh.
Lantaran sim uing kagégéloan ku wayang, nya teu anéh mun galindeng
Dalang teu weléh kapireng tug dugi ka cetuk huis kieu. Nya kitu, sok
pirajeunan gumerendeng nurutan Dalang. Béh dieu, kabeneran sim uing sok
dihiras maca sajak Sunda di luar Pasundan, di kalangan para pamiarsa nu
teu mantra-mantra kana basa Sunda. Upamina di payuneun urang Jawa, Bali,
atanapi urang mancanagara. Kapaksa sim uing mikir, kumaha carana
sangkan sajak Sunda kalandep ku arinyana, sok sanajan teu ngartos kana
basana. Nya ngajaran maca sajak bari maké lentong Dalang, dadalangan
Sanajan teu ngartos kana basa Sunda, ari dibaca bari ngagalindeng,
gegereman, nurutan Dalang mah teu burung wé pada ngabandungan.
Careuleumeut. Duka resep kana sajakna, duka hariwang pédah penampilan
sim uing sed saeutik ti tukang teluh. Duka tah.
Cindekna, sim uing mah rumaos pisan kahutangan budi ku wayang. Mun
seug keur budak teu kungsi wanoh kana wayang, tangtos bakal séjén nu
karandapan. Duka bakal kumaha teuing jantenna sajak-sajak,
carpon-carpon, fikmin-fikmin sim uing.. ***
Kenging : Godi Suwarna dina Fiksimini Basa Sunda
0 komentar:
Post a Comment