Bray. Panon na beunta. Leng, sirahna asa muter. Reup,
dipeureumkeun. Asa beuki muntir. Beunta deui. Tetenjoanna bureng bari angger
puyeng. Kadéngé nu tinggerendeng, duka beulah mana, teu bisa mastikeun.
“Tos sabaraha lami ?” cek nu nanya. “Tilu dinten.” Cek nu ngajawab. Poek deui.
“Tos sabaraha lami ?” cek nu nanya. “Tilu dinten.” Cek nu ngajawab. Poek deui.
Tilu poé saméméhna. Motorna
digas rek nyiap angkot nu nengah wae. Rusuh, geus didagoan ku kabogohna. Jaba
apal adat. Mun telat ngajemput, pasti sakebon binatang kaabsen kabeh. Seak.
Motor sajajar jeung angkot. Jedak. Leng. Reup.
Sapuluh menit saméméhna. “Waktos jumaahan kantun satengah jam
deui, mangga kanu masih didamel dina padamelana masing-masing geura éncagkeun
heula. Hayu urang sami-sami ngalaksanakeun berjamaah solat jum’at, waktosna
kantun satengah jam deui.” Sora ti masjid lebakeun imahna. Teu lila hapé na
disada. Sms. Dibaca, “jmpt skrng dtmpt biasa”. Manéhna mikir. “Mun ngajemput,
pasti kabeurangan jumaahan”. Gap kana jaket jeung helm. Belenyeng. Motorna di
gas.
0 komentar:
Post a Comment