Sapoé deui. Ngitung waktu. Negerkeun batinna nu ngagolak hayang bedah.
Rupa-rupa karéwélan teu dipaliré. Budak nu gogorolongan ngamuk diburuan
diantep. Pamajikanna nu baketut jamedud teu ditakon.
Isukna. Ngagidig. Anjog. Satengah jam nungguan, rarasaan sapoé
jeput. “Satengah jam deui lah, pohoeun
sugan” na jero haténa. Jangkep sajam. Teu lila aya sms, geuwat ngodok pesak.
Bréh, aya sms ti nu didagoan. Dibaca. “Wayahna moal bisa ayeuna, dipake heula
mayar mobil”.
Nyel, angenna heneg. Cengkat. Ngagidig balik. Teu maliré nu nanya dijalan.
Nepi kaburuan nyampak anak jeung pamajikanna, koléséd anakna turun. Ngagabrug
manéhna bangun atoh. Budak ditangkeup deuedeuh pisan, melong dareuda ka
pamajikanna. Cimatana bedah. “Emh, teu tulus, jang, ka mall teh….”
0 komentar:
Post a Comment