-->

IMAH

Posted by NURDANI on Friday, October 26, 2012

Kateuteuari. Baku dia mah. Sanggeus ngaliwatan mangsa nu teu sakeudeung, sakuduna urang pada apal ka awak séwang-séwang. Geus cindek, kami moal incah balilahan. 

Imah urang, warisan. Satemenna ieu bukti kahéman nu teu hadé dimomoré. Lain saukur jugrug bari butut. Mangka inget, kami diorokkeun didieu, mangkat rumaja tidieu. Tug nepi ka ngajodo jeung dia, laju tetep renggenek didieu. Dia apal kacida, kumaha Bapa nangtayungan kami ku deudeuhna. Tepi ka wani jeung bedogna mun kami keuna ku deleka.

Ayeuna, prak, kuma dia jang saawak dia.  Kami mah deuk ajeg, najan nepi ka rugrug ku rinyuh. Pageuh na wasiat bapa, sangkan wanoh tepi ka juru-juru na.

Kari-kari, Kaka. Dia boga niat deuk pindah najan norog. Cék dia, sangkan guyub jeung batur. Sangkan reueus mun kasémahan.  Ah, kateuingan, Kaka. Kami leuwih reueus ku banda nu geus jinek hak kami.
Najan hate leutik mah tangtu kasurti, mun kami biluk ka dia, tangtu sarua reueusna.

03 Oktober 2012

Previous
« Prev Post

Related Posts

2:16:00 AM

0 komentar:

Post a Comment