Geus lawas ngadon ngandelan sorangan. Leuheung mun usum tiris, dalah
ninggang di usum hareudang, najan bayeungyang, haben ngandelan sorangan.
Pirang-pirang kajadian teu ieuh jadi halangan, jadi kahariwang. Angger nagen, bari
beuki kandel.
Aya kalana nyumput ngukuy kana simbut, kana bantal, atawa kana
naon waé nu sakira na bisa dipaké panyumputan. Mun euweuh-euweuh teuing, nya
kapaksa peureum, padu teu katénjo. Duka teuing saha nu rék
nénjo. Kitu na téh mun
geus teu kaampeu jeung ngarasa rumasa. Tapi da tara lila, laju tiis wé ,
laju
jempling. Aya kalana miceun karep mun kapaksa paamprok. Tapi da tara
jauh, ngarah inget lebah mana miceuna. Da engké ogé sok laju dipulung
deui.
Hiji waktu amprok. Teu bisa mingé. Tapi da geus kabiasaan, rikat
miceun manéh. Kabeneran ragrag hareupeun ucing candramawat nu keur
andiprek bari leleyepan. Barang mireng aya nu ragrag hareupeuna, ucing teh ngarénjag,
nyah beunta. Témbong aya nu ngagoler hareupeuna, bau na semu-semu hanyir campur jeung
naon deui duka teuing. Laju digégél, belenyeng, barang nepi
ka nu suni, dilamot. Ucing nyureng, mireng rasa nu ahéng bari geuleuh na létahna.
Teu tulus dipurak, laju ditinggalkeun baé.
Keur gular-golér, aya beurit tilu ngaliwat. Beurit ngarandeg laju
ingas-ingus bari lutuk-létak. Beurit bikang luak-lieuk kajauhna, tuluy balik
deui kana liang lebah manéhna kaluar.
Na lawang liang, laju ngagorowok
“Beungeut saha ieueueueu… gular-goler
deukeut cubluuuuuk….heyyyy…. beungeut sahaaaaa ?”
14 Oktober 2011