-->

Inya Neker Inya Angger, Inya Nincak Inya Rempag

Posted by NURDANI on Monday, October 12, 2020

 

Dalam “interprétasi” saya - maksakeun berinterprétasi, da kajadian nincak batu gé karana “interprétasi”. Padahal mah arinyana téh lain jalma joré-joré, ku kasang tukang atikan jeung gelarna ogé ngébréhkeun, maranéhna teu bisa disebut jalma samanéa. Singgetna jalma ngarti. Ngan hanjakal, bet kitu kalakuan.

Mun nurutkeun katugenah mah, barang apal aya éta kajadian gé, kahayang mah langsung milu ragég, jiga kalolobaan dulur-dulur nu sarua boga katugenah. Ngan dalah dikumaha, teu kebat jeung kateug deui. Nu jadi sabab, Ngalieukan wae mangsa katukang. Geuning, nu enggeus-enggeus gé kalah ngabuntut bangkong. Nu ragég, ragég, nu nabeuh jongjon nabeuh.

Henteu ari Apriori atawa apatis mah. Da kasaha jeung kamana kudu apriori jeung apatis gé.

Ngan, asa jadi ngangres ka diri sorangan. Nanaonan atuh salila ieu “kikieuan”, (bari sabenerna mah teu nyorangan) mun seug ninggang dina kieuna, teu bisa kitu-kieu jeung euweuh nu bisa dipakieu.

Humandeuar nu aya. Ras ka diri, salila ieu ngarasa jadi lodaya, ari pek ngan ukur turunan kampung jeung angora nu teu wani nindak ka beurit nu geus nyata ngagorogotan lomari. Jeung rupa-rupa “Lah”…. Deui baé.

Horéng, urang téh ngan saukur nyéré, sanyéré-nyéréna. Najan ari pangrasa mah jadi sapu da puguh nyangking simpay. Ngan hanjakal simpay sewang-sewangan.

Asa pajenggut-jenggut jeung nu butak.

Mun numutkeun kecap “luhung” jeung “wijaksana” mah enya, da sikep éta mémang jadi bukti urang téh geus leubeut ku pangalaman nu jadi hikmah. Tapi pangalaman jeung hikmah téh apanan hiji proses anu kudu dilakonan. Bari mun nété tarajé nya kudu nincakan hambalan. Puguh “proses pencapaianana”. Henteu ujug-ujug atawa instan.

Ulah nepi ka dawuh éta jadi ngan saukur nyamunikeun rasa kateuwani nindak, atawa “cuci tangan” dan teu hayang belok, komo nepi ka jeblog mah.

Wawanian nyutat tina Wasiat Prabu Wastu di Kabuyutan Kawali, “Inya nincak Inya rempag” téh horéng dimimitian ku “Haywa diponah-ponah, Haywa Dicawuh-cawuh”. Mirengkeun pasipatan kecapna (ceuk uing nu awam) ngandung harti nyaram. Mun geus nyaram tapi dilakonan kénéh, meureun nu nyaram teh (dina hal ieu mah urang nu nyaram) meureun aya Tindakan.

Komo dina kalimah “Inya nincak inya rempag” mah. Pan nu digunakeun na gé kecap “Nincak” lain tincak. Kecap pagawean.

(Hampura mun sabulang béntor, da uing mah lain ahli basa, jajauheun jadi dosen komo doktor mah)

Najan geus aya nu nincak, rék ngadagoan rempag olangan wae ieu téh ?

Keun ari hukum positif, da puguh Undang-undangna.

Ngan sacara adat, budaya jeung tatakrama, piraku rék miyuni manuk cingkleung?

Lah….

Newest
You are reading the newest post

Related Posts

10:36:00 PM

0 komentar:

Post a Comment