-->

Nyiar Luang Tina Wayang

Posted by Unknown on Thursday, November 1, 2012



Kenging : Godi Suwarna dina Fiksimini Basa Sunda



Tangtos pada uninga, réh seni wayang, boh sastrana boh wanda pagelaranana, seueur naker mangaruhan kasenian-kasenian jaman kiwari. Wayang aya dina senirupa, seni tari, musik, téater, sastra. Para seniman ti rupa-rupa widang seni bangun nu teu kendat-kendat kailhaman ku wayang, ti bihari tug ka kiwari. Hartosna, wayang ngandung ajén-inajén seni nu adiluhung, nu teu luntur ku panéka mangsa. Tapi, sakumaha dina hirupkumbuh kasenian-kasenian sanésna, seni wayang tangtos nyorang lébér jeung orotna.

Seni wayang kungsi dalit dina kahirupan sapopoé. Ulah pon para pinisepuh nu resep mesék palasipah wayang, bari ngalarapkeun dina kahirupan sadidintenna, dalah barudak satepak ogé kungsi méh prah mikaresep wayang. Untung nanakeran sim uing mah ngalaman pisan. Harita, dina taun genep puluhan di lembur, sim uing saparakanca teu weléh gung clo. Pintonan di kampung, di désa mana baé ogé teu weléh dijugjug. Lalajo nyaan, daria ngabarandungan. Sanés mung sakadar ngariung di tukang suuk bari megat muntah mojang. Jalaran bari daria, tangtos kana nyerep naker. Paling copél barisa nurutan pok-pokan Dorna, Dursasana, Arjuna, Gatotkaca jeung Si Cépot.  

Harita, tina bakating ku resep téa, ampir saban babaturan garaduh wayang tina daluang. Aya papada budak nu sok nyieun jeung ngajualanana, wayang-wayang daluang nu nyeta-nyeta wayang kulit. Nya lumayan wé keur budak nu barisa nyieun mah, bisa gaduh uang saku ladang kabisa sorangan, paling copél wareg ku kadaharan ladang barter jeung kabisa. Lian ti ngoléksi wayang daluang, barudak téh sok pirajeunan ogé nyarieun wayang tina palapah daun sampeu, tina taneuh porang, tina pendul peuteuy, tina kembang wéra jrrd. Tina bakat kuresep téa, lajeng diéksprésikeun ku bahan nu aya di alam sabudeureun kahirupan barudak. Hasilna téh nya karancagéan barudak jaman harita, nu boa upama disalésér mah ngandung ajén inajén seni nu kawilang luhung. Mun teu tingdarekul nyieun wawayangan, sim uing saparakanca sok pirajeunan maén sandiwara carita wayang. Papakéan saaya-aya. Siger jeung badong bisa tina kalakay daun kulur, atawa tina daun kadaka, susumping tina daun nangka.  

Basa sim uing keur budak, kaleresan pun Bapa téh kagunganeun buku pedaran wayang golék yasana bujangga Sunda, Kangjeng MA. Salmun, suargi. Buku nu saé kacida. Perkawis rupining teknis wayang golék, dipedar ku gaya basa Sunda nu matak pogot macana. Gaya populér mun ceuk jaman kiwari téa mah. Tong boro ku Pun Bapa nu lebet kolom bujangga lembur, dalah ku sim uing nu bolon kénéh, éta buku téh éstu digulanggaper, dibaca dibulak-balik. Ma’lum bolon, harita sim uing ngaraos nu panghatamna bag-bagan wayang dibanding jeung babaturan.

Sanggeus bisa kurung-karang, sim uing mindeng nyieun carpon atawa sajak nu nyaritakeun wayang. Buku kumpulan sajak sim uing nu munggaran dijudulan Jagat Alit, dipedalkeun ku pamedal Rahmat Cijulang taun 1979. Jagat Alit téh minangka sajak bubuka dina éta buku kumpulan sajak. Hiji sajak nu mapandékeun kahirupan kana pagelaran wayang. Sajak-sajak lianna medar kahirupan ti kawit lahir, lalampahan, asih sinareng pati, bagja miwah guligah manusa, nungtung dina kasadaran kana takdir nu teu bisa dipungkir téa. Gambar jilidna gé mangrupa gugunungan wayang, yasana pelukis kawentar, Pa Popo Iskandar. Aya bagja nanakeran gambar jilid kenging anjeunna téh. Sesah miwarang anjeunna ngagambar jilid téh. Bané wé sim uing mah harita téh kalebet mantu kameumeutna, ceuk sim uing nu teu weléh-weléh gé-ér.

Dina taun juh puluhan ahir, sim uing kungsi ngarang carpon nu judulna Uwak-Awik, dimuat dina majalah Manglé, jaman sim uing keur sumedeng belekesenteng. Nyaritakeun perkawis wayang-wayang golék nu geus bosen, nu geus capé balas diwayang-wayangkeun baé ku Dalang. Wayang-wayang nu baruntak ka Dalangna. Teu wudu éta carpon téh kenging réaksi ti balaréa. Dina Manglé, Kang Enas Mabarti nyawang Uwak-Awik tina jihad inajén sastra, nembrakeun onjoy jeung héngkérna éta carpon. Aya deui nu nyerat dina Mangle kénéh, majar sim uing murtad. Kritikan nu direumbeuy ku dalil-dalil. Nanging, sim uing yakin yén nu ngamurtadkeun téh teu ngaos dugi ka tamat, atanapi teu ngartos kana jero-jeroning Uwak-Awik. Padahal, dina tungtung éta carpon, sim uing nyaritakeun wayang golék nu ancur lebur, dicacag ku Dalangna.

Beuki resep wé ngarang perkara wayang téh. Sabada buku kumpulan sajak Jagat Alit, sim uing ngadeker nyieunan sajak nu tokoh-tokohna wayang. Aya kana lima puluh sajakna, dikumpulkeun, dijudulan Urat-Urat Kawat, naskahna dikirimkeun ka salah sahiji pamedal. Hanjakal teu kungsi terbit. Naskahna gé kalah leungit tanpa lebih ilang tanpa karana di éta pamedal. Tapi perkawis wayang mah angger sok disabit-sabit dina buku kumpulan sajak sim uing ka dieunakeun, di antarana dina buku kumpulan sajak Surat-Surat Kaliwat jeung Blues Kéré lauk..

Dina nyarponkeun carita wayang, rumaos sim uing téh tara tukuh kana babon. Kalan-kalan ngahaja dibulak-balik. Upamina baé, Déwi Sinta nu micinta Rahwana jalaran Rama karaos kirang buméla. Rahwana nu babalik pikir alatan cinta sajati ka Déwi Sinta. Ari Rama kalah cangcaya, kagungan maksad ngaduruk pupujan kalbu. Atanapi, dina carpon Murang-Maring, sim uing ngalalakonkeun Pandawa nu démonstrasi ka rahayatna, pédah rahayat sarenang ari aranjeunna, salaku pamaréntah, ripuh balas didaramel janten abdi nagara. Rupi-rupi réaksi nu kantos maos. Aya nu nyebat réh sim uing ngaruksak carita wayang. Aya ogé nu nyebatkeun éta téh dékonstruksi, postmo, salah sawios aliran pilsapat miwah seni nu mahabu di urang di awal taun salapan puluhan. Tur padahal sim uing mah ngarangna téh ti taun juh puluhan ahir kénéh.

Lantaran sim uing kagégéloan ku wayang, nya teu anéh mun galindeng Dalang teu weléh kapireng tug dugi ka cetuk huis kieu. Nya kitu, sok pirajeunan gumerendeng nurutan Dalang. Béh dieu, kabeneran sim uing sok dihiras maca sajak Sunda di luar Pasundan, di kalangan para pamiarsa nu teu mantra-mantra kana basa Sunda. Upamina di payuneun urang Jawa, Bali, atanapi urang mancanagara. Kapaksa sim uing mikir, kumaha carana sangkan sajak Sunda kalandep ku arinyana, sok sanajan teu ngartos kana basana. Nya ngajaran maca sajak bari maké lentong Dalang, dadalangan Sanajan teu ngartos kana basa Sunda, ari dibaca bari ngagalindeng, gegereman, nurutan Dalang mah teu burung wé pada ngabandungan. Careuleumeut. Duka resep kana sajakna, duka hariwang pédah penampilan sim uing sed saeutik ti tukang teluh. Duka tah.

Cindekna, sim uing mah rumaos pisan kahutangan budi ku wayang. Mun seug keur budak teu kungsi wanoh kana wayang, tangtos bakal séjén nu karandapan. Duka bakal kumaha teuing jantenna sajak-sajak, carpon-carpon, fikmin-fikmin sim uing.. ***

Kenging : Godi Suwarna dina Fiksimini Basa Sunda 

Previous
« Prev Post

Related Posts

9:00:00 AM

0 komentar:

Post a Comment